Selasa, 23 Agustus 2011

Buron

Sikep idéalis Andika, ngabalukarkeun manéhna kadungsang-dungsang nyingkahan sagala hal anu patukang tonggong jeung prinsip hirupna.
Sumirah (Umi), pamajikanana jadi kababawa balangsak. Cintana anu pangger, mawa dirina ngalalana (nepi ka disangka jadi jalma gélo), kana dunya anu tacan pernah kasungsi saméméhna.
Cinta nu sajati, pamadegan nu pageuh, didoja ku geleberna dunya jeung rembetna leuweung kahirupan.


Daun garing rabeng kaanginkeun, ngarangrangan minuhan taneuh handapeunana. Urut katarajang halodo panjang, dangdaunan, tatangkalan taya nu manggapulia. Iwal tangkal cau, nu daunna angger héjo téh.
Sabubuhan manuk nu keur areunteup dina régang tangkal, hiber ninggalkeun régang tempat tadi maranéhna eunteup, basa aya batu nu nénggor dahanna.
Sakali deui kadéngé sora batu nénggor tangkal. Geuwat ngelok ka tukangeun dapuran daun baluntas. Tangtu aya barudak mana aya sora tangkal dibalédog ogé. Tina sela-sela daun, katénjo barudak keur malédogan ka luhur. Horéng aya langlayangan ku batu, meureun batan beunang mah anggur rangsak.

Nu gélo! Nu gélo! Gorowokna bari terus lalumpatan. Atuh ngan bereyek wé batur-baturna nyampeurkeun tempat panyumputan kuting. Geus kapalang katohyan, kuring ka luar ti tempat panyumputan. Beletak aya pangpung dibalédogkeun kana tarang kuring.
“Umi, itu wartawan, itu wartawan!” cék nu pendék. Kuring seuri. Geus jadi kacapangan, kuring sieun ku wartawan téh. Saenyana lain sieun, ngan kuring sok tugenah lamun ditanya ku wartawan téh. Bongan maranéhna tara ngarasakeun kana nasib nu keur tumiba kana awak. Maranéhna ngan hayang ngali kahirupan batur, pikeun kapentingan koranna, pikeun kapentingan maranéhanana. Di sagigireun éta, kahariwang katohyan saha ari kuring sabenerna, ngalantarankeun jadi sieun tepung jeung wartawan. Ku ayana kajadian gunung bitu téh, ka lembur jadi loba wartawan nu ngalampreng. Keur manéhna, ayeuna di lembur leubeut ku béja, picaritaeun ka balaréa. Sok sanajan teu karampaeun meureun ka maranéhna mah, yén nu diajak carita téh keur meujeuhna aya dina samagaha pikir.
“Umi itu wartawan! Itu wartawan!” cék maranéhna.
“Nu gélo! Nu gélo!”
“Ieu hayang cau, Umi!”
“Nu gélo! Nu gélo!”
Beuki angot salusurakananana téh, da nénjo kuring bangun nu sieuneun ku maranéhna. Cék pikiran kudu lumpat téh ka tukangeun dapuran cau, ngarah teu kaudag ku maranéhna. Di dinya mah tempat téh nyingkur, moal pati kasaba ku barudak bangor.
Méméh tepi ka tempat nu dimaksud, kuring ngadéngé nu ngagoak. Dilieuk téh, budak lalaki umur sapuluhtaunan, labuh. Geuwat diburu, nu séjén buriak lalumpatan. Manéhna bangun sieuneun, tapi dék lumpat teu bisaeun, sabab sukuna kacugak beling.
“Moal kasép, moal nanaon,” cék kuring.
“Nu gélo! Ulah, ulah! cék manéhna
“Moal, kasép, uarng laan geura, bageur, belingna urang cabut, ngarah damang.”
Lila-lila mah bakat ku nyeri meureun, manéhna cicing. Beling téh teu wudu nyugakna rada jero. Beling héjo, kawas peupeusan botol, nilik warnana mah. Nénjo kaayaan raheutna, kuring teu sanggup kudu muka di dieu mah. Inget kudu diberesihan ku cihaneut, jeung di imah rarasaan aya kénéh pereban.
Regeyeng budak dipangku, manéhna teu ngalawan da bangun geus teu walakaya. Basa ku kuring diteuteup, bet séréngéh seuri.
“Saha jenenganana?” cék kuirng.
“Alan,” témbalna.
Budak téh henteu babarian, basa dicabut belingna gé ukur muringis, teusing ceurik. Réngsé dicabut, geuwat urut raheutna dikumbah ku cai haneut tina térmos, kakara diobat beureuman. Reketek waé dibeungkeut ku pereban anyar. Manéhna olohok nénjo paparabotan urut ngubaran bieu.
“Geuning, Umi kagungan nu kieu?” cenah, bari cengkat diuk, ngalunjarkeun suku ayeuna mah.
Kuring ukur imut. Alan gé tangtu sarua jeung nu séjén nyangka kuring téh gélo. Padahal kuring mah teu singna kitu. Pereban, kapas, obat beureum jeung ténsoplas téh dipupusti pisan lantaran remen dibaralédogan ku barudak. lain sakali dua kali tarang raheut dibalédog ku batu. Lain sakali dua kali deuih pamalédog téh keuna kana tuur atawa kana tonggong.
“Eueut heula, Kasép,” cék kuring.
Bi Umi di dieu sareng saha?” Manéhna nanya deui, sanggeus sawatara jongjonan ngahuleng neuteup ka kuring. Kuéh mari beunang meuli tilu siki, dibikeun ka Alan hiji. Mimitina mah bangun nu asa-asa rék ngadahar téh. Meureun nénjo patempatan sakitu rarujitna. Tapi lila-lila mah daékkeun ogé. Kuéh mari téh didahar babarengan jeung kuring.
“Alan tos sakoa?” cék kuirng.
“Atos,” témbalna.
“Kelas sabaraha?”
“Kelas lima.”
Bi Umi kapungkur ti mana?” Kawas nénjo kuring ngahuleng waé, manéhna nénjo deui. Haté beuki bungah nénjo Alan ayeuna mah beuki wani waé. Manéhna turun ti enggon, terus leumpang, najan ingked-ingkedan gé ngadeukeutan buyung di juru.
“Ieu wadah naon?” pokna.
“Cai,” témbal kuring.
“Paragi ngaleueut, paragi nyangu,” cék kuirng deui.
“Sok nyangu?”
“Kantenan.”
Manéhna nénjo koran satumpuk dina luhur lomari leutik, cék kuring lomari sotéh, saenyana mah ukur peti urut wadah sabun, nu ditangtungkeun, dijieun lomari. Koran téh dicokot nu pangluhurna.
“Bi Umi naha maké disebat nu gélo?” cék Alan.
“Duka.”
“Naha bet duka?”
“Da teu terang.”
“Umi, buka! Umi, buka!” cék sora ti luar.
Kuring neuteup ka Alan. Mun kongang mah hayang nyarita, yén kuring téh lain nu gélo, pangnepikeun ka masarakat di dinya. Hayang dipangbéjakeun ku Alan, yén kuring téh jelema ka lunta-lunta, teu puguh jugjugeun, teu puguh ka mana nya kudu indit. Tapi naha kira-kirana budak sagedé Alan, tur anyar pinanggih bakal daékkeun nulungan? Komo maké kudu ngajelaskeun saha kuring nu saenyana mah? Tapi lamun henteu kitu hésé deui kapan ngajak cacarita ka jelema téh. Kapan sakitu ceuceubna masarakat di dinya ka diri kuring téh?
“Umi laan tulak!”
Alan ngalieuk ka sorangan, bari manéhna terus leumpang ingkud muru panto. Barang bray gé muka, jol gabrug waé alan aya nu ngarangkul. Ari kuring terus murungkut. Dokter kasép ngora kénéh, tangtu ieu bapana Alan téh. Bisa sotéh terus neguh, manéhna dokter, lantaran maké pakéan bodas, tur beungeutna sarimbang jeung Alan.

“Nuhun Nyi Umi, parantos nulungan pun anak,” cék dokter.
Awak kuring ngadégdég ngadéngé éta kecap ditujukeun ka kuirng. Nuhun? Enya nuhun, cenah Umi, ka manéh. Ka kuring? Enya ka manéh, Umi. Geuning di dunya téh aya kénéh jelema luhung budi, nu daék ngajénan kana kahadéan budi manusa séjén, bari henteu nénjo kaayaan lahiriah atawa kalungguhanana. Geuning jolna téh bet ti jelema anu luhur kuta gedé dunya, jelema pangkat tur pinter. Pajar cenah jelema-jelema kitu mah sok garedé hulu, kanyataannana bet jelema kitu anu daék ngajénan perasaan kuring.
“Ieu sakadar kanggo jajan,” cék manéhna.

“Nuhun, Bi Umi,” cék dokter téh, bari angger nyelapkeun duit kana dampal leungeun. Bangun hayangeun kénéh cacarita dokter téh ka kuirng. Tapi kalah dipangaruhan ku jelema sakitu lobana, dokter kasép téh ngaléos.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar